MATAKNA JUMA’AHAN
======================================================================
ti : Neng Yuke
Kacaritakeun…. Aya hiji jajaka muslim nu teu Juma’ahan. Manéhna kalahka ka leuweung rék moro hayam leuweung. Keur keketeyepan dina jukut nu jarangkung jeung bala, ujug-ujug papaliwat jeung sakadang Maung nu keur saré.
Bakatku reuwas, bedilna murag kana jungkrang. Manéhna labuh, ngagedebru pas pisan diluhureun batu… Kraakkkk! Dua sukuna potong…
Ieu mah lain béja goréng. Tapi goréng béjana nyaéta sakadang Maung nu tadi keur saré hudang tuluy nyampeurkeun jiga nu rék ngahakan, mangkaningan manéhna geus teu bisa walakaya.
“Ya Allah,” éta jajaka ngadu’a, ”Hapunten sagala dosa perdosaan kuring pédah teu Juma’ahan dina poé Juma’ah nu mulya ieu… Hapunten ya Allah, jantenkeun ieu Maung nu ngudag kuring, janten Maung nu soléh… Tulung ya Rab…! Amiiin….”
Sakedét nétra aya sora ngaguruh! Sakadang Maung ngarandeg hareupeun pisan éta jajaka…. Dua sukuna nu hareup dikaluhurkeun bari nyarita, ”Allaahumma baarik lanaa, fiimaa razaqtanaa, wa qinaa adzaabannaar. Amin!”
Sampurasun 😀
kang,osok ngadangu dongeng2 ti kang ibing oge teu?
Upami osok,posting deui atuh,
abi resep pisan bodor sunda
nuhun ah
Bodor2 Kang Ibing sok nguping kapungkurmah, tos lami teu nguping. Hatur nuhun ide-na, Insya Allah bade milari heula bahanna, manawi Dika gaduh?
*pa alus2 eupan*
dina hiji poe aya budak tiluan ker ngalobrol di sisi empang sabari ngusep..
budak1: bapa urng pang alusna epan mah….
budak2: ehh nya bapa urng atuh..lewih alus epan mah…
budak3:..ewehh..deui anu leuwih alus mah iwal ti epan bapa
urang.
budak 2,3: ari bapa maneh alus na kumaha…?
budak.1: yeuh…epan bapa urang mah nya..karek oge di anclumkeun kanu cai langsung di santok tah ku lauk…hebat teu..
budak 2:..euhh..eleh keneh ku epan bapa urng mah…epan bapa urang mah yeuh karek oge digeleng-geleng na lengeun lauk geus narolol na cai bari nyarita kieu.: “buru atuh euy geura alungkeun eta eupan geus teu kuat hayang nyantok..tah bisa kitu epan bapa aing mah..
budak 1,2 : ari bapa maneh naon hebat na euy…?
budak 3 : (embung eleh) yeuh eweh deui anu pang hebat na iwal ti
eupan bapa aing….yeuh bapa aing mah nya maneh na arek ngusep poe minggu…poe sabtu lauk datang ka imah bapa urang bari nanyakeun….enjing janteun ngusep pa,,,di antos nya pak…..
budak 1,2:@#$%$#@#$#@#$%%$#@#
mohon izin ambil tulisannya. lucu banget nih.. hah
Boleh asal tulis aja sumbernya ya 🙂
huaaaahahahaha…… bener eta nya, dikabulkeun do’ana
buktina maung rek dahar oge maca heula do’a. bener2 soleh eta maung 😆
😆 makana berdo’alah :lol:….
moal tibalik tah, engke malah kuring nu jadi maungna 😆
😆
*
sae kitu oge,,tiasa an ih,,
Wah soleh keneh maung nya. Urang mah kadang-kadang rek dahar teh sok poho kana dua, bahkan teu apal doana ge.
Kudu diajar heula ka maung.
hehehe…
hehehe… kudu diajar ka Kang Abdaz
tinggaleuuuuunnn euy … aya nu lucu, jadi seuri sorangan …., eh ..maung teh aya ku soleh nya.