HEURUEY SUNDA : “MAN ROBBUKA?”
Aya hiji tukang gali kuburan keur ngagali kuburan. Kulantaran harita panas pisan, sanggeus rengse ngagali kuburan, si tukang gali kuburan ngiuhan di jero kuburan bari ditiungan ku daun cau. Ujug-ujug aya lalaki jangkung gede nyampeurkeun, sihoreng eta teh malaikat anu rek nanya jalma nu geus maot.
Malaikat: Manrobuka?!
Tukang ngagali kuburan: Aduh punten malaikat, abdi mah sanes anu maot. Abdi mah anu ngagali kuburan, nuju ngiuhan. Panas! Nu maot na mah nuju dijalan keneh!
Malaikat: Ah, sugan teh maneh!
Saminggu ti harita, tukang ngagali kuburan kacilakaan, terus dikuburkeun. Geus sababaraha poe dikubur, naha euweuh wae malaikat anu nanya, pikir si tukang ngagali kuburan. Kabeneran ti kajauhan katingali aya malaikat anu kamari salah nanya.
Malaikat….! Gero si tukang gali kubur.
Malaikat: Aya naon hey tukang ngagali kuburan?
Tukang ngagali kuburan: kunaon abdi teu ditanya?
Malaikat: Ah maneh mah minggu kamari oge ngaheureuyan kuring, pura-pura paeh!
Tukang ngagali kuburan: ????????
kaga nahan,,,
Aya-aya wae. Piraku malaikat bisa diheureuyan. Ari kitu mah tukang ngagali kuburan tadi mah bebas tina interogasi malaikat.
pan heureuy kang… heureuy nu kieu matak kawalat henteu kang?
ngeunah euy aia malaikat bisa heureuy mah,,
Aduuh aduh eta si malaikat teh gaul pisan
gk gk gk gk gk gk……..:D
aya-aya wae….. 😀